Fiksimini # Alun-alun Purnama # Irvan Mulyadie
Dina saban purnama nganjang,
neuleuman peuting teh sok jadi betah. Waktu nu sakitu panjangna karasana bet
samporet. Kuring neuteup manehna. Manehna oge sok neuteup ka kuring. Dina
pareng pateuteup amprok, hate teh sok ngageter. Kitu jeung kitu we salila opat
bulan mah. Tapi saha atuh ari anjeun teh? Kuring teu kuat hayang nanyakeun.
Hayang wanoh jeung manehna.
Alun-alun, keur meujeuhna ruksak
dipugar. Ceunah mah rek dialusan. Lampu taman paroek. Tapi da caraang ieuh ku
lampu merkuri atawa ku tayangan megatron nu sasakali ganti iklan. Komo ieu
bulan ,keur caang, purnama teh datang deui. Tapi dimana manehna? Pan biasana
mah sok geus ngajanteng di lawang taman. Atawa deukeut patung nu teu
cangkeul-cangkeul ngabar-ngabarkeun arit ka langit.
Kuring neangan manehna, ngurilingan
taman ku panon nu geus dikacamata pleus opat. Simpe. Sabot malaweung ku
lamunan, cep teh - aya nu tiis napel na ceuli.
Kuring ngagebeg. Tapi teu wani malik. Anggur ngararasakeun hebos nafas
nu nyambuangkeun seungit permen rasa mint. Sorana semu haroshos. Cangkeng
kuring dikaleng ti tukang. Satengah nangkeup. Kuring ngajeten, lalaunan
malikeun awak. Tong malik, ceunah. Kuring beuki panasaran. Bisi banci nu keur
neangan langganan. Gengsi atuh kuring nu dianggap pleyboy ku babaturan bet daek
dikeukeupan ku banci, jiga nu teu payu wae.
Rada maksa, satengah ngaluarkeun
tanaga kuring murilitkeun awak. Pas malik, pahareup-hareup,
papencrong-pencrong, lenggerek we teu inget di bumi alam.....!!!
Fiksimini # Geus Nasibna # Irvan Mulyadie
MANEHNA teu walakaya. Ngagoler, direjeng, digulanggaper. Leungeun
lalaki nu curukna aya tapak raheut kakeureut teh ngalaan sakur panutup nu aya
dina awakna. Bret. Bret. Bret !!!
Manehna pasrah da geus puguh taya daya keur ngalawanna. Lain pantar,
beda tanaga. Teu kuat nyora-nyora acan. Leungeun lalaki nu curukna aya tapak
raheut teh ngaragamang lalaunan. Pel, kana sukuna. Gep, kana pingpingna. Gap, kana dadana. Ser...
sora getih nu ngamalir dina saban urat-uratna. Urat-urat si lalaki nu dina
leungeunna aya raheutan.
Panonna neuteup teu kiceup-kiceup kana awak nu geus taranjang
hareupeunna. Teu kanyahoan, ujug-ujug aya pakarang nu panjangna kur sajeungkal
dina leungeun eta lalaki. Teuing meunang di mendi. Ngagurilap.
Manehna kur bisa peureum, geus teu wasa ngabayangkeun naon rupa nu
bakal tumiba kana dirina. Si lalaki nyerengeh koneng. Pakarang nu sajeungkal
teh di abar-abar, jiga nu nyingsieunan. Sabot balangah, gabres, pakarang teh
ditojoskeun kana awakna. Manehna jiga ngajerit, ngan teu bisa. Gabres deui,
gabres, gabres, gabres.....bresss !!!
Brus we kana katel nu pinuh ku minyak letik nu ngagolak, ngagotrok,
raeng saheng jeung asakan nu lianna. Hawa panas, kaambung daging digoreng ti
dapur restoran Bebek Goreng Mas Gedebul.
Fiksimini # Pahlawan Mo Kabeurangan # Irvan Mulyadie
Rebun-rebun kénéh, manéhna geus saged dangdan. Salat subuh ngahaja teu
ka masigit, da sieun kapandeurian meunang nomer jang antrian. Méméh jung indit,
sarérét, manéhna neuteup potrét heubeul nu ngagantung dina dingding: sapuluh
nonoman gagah nyalagrang pakarang perang, 63 taun ka tukang.
Teu jauh kantor Taspén téh. Teu sakilo-kilo acan. Ngan nyaéta, dina
saban tanggal gajihan, pangsiunan véteran mah sok datang paisuk-isuk. Sok
sanajan kantorna mah dibuka jam dalapanan.
Sajajalan, katingali leumpangna ingked-ingkedan. Ngaléngkah semu nu
rusuh. Muru waktu, rék ngantri nasib merangan hirup jaman kiwari.
"Priiit...Priiit.....!!!"
"......."
"Kunaon maneh bet teu dihelm?"
"Astagfirulloh....."
"Naha make istigfar sagala, da helmet mah moal aya ku ngan ukur maca istigfar"
"Sanes kitu, Bapa. Euuu...."
"Tong sok ngangles, geus puguh maneh teh ngalanggar aturan. Rek Kumaha atuh ayeuna? Ditilang we nya ?!"
"Ke atuh, Pa. Bade ngontek heula Bapa Kapolresta"
"Baruk?! Na atuh ari Yayi, sanes nyarios atuh ti tatadi. Hapunten, nya. Manawi teh teu kenal sareng Bapa. Mangga we lajengkeun deui...."
".....(katipu)....."
"......."
"Kunaon maneh bet teu dihelm?"
"Astagfirulloh....."
"Naha make istigfar sagala, da helmet mah moal aya ku ngan ukur maca istigfar"
"Sanes kitu, Bapa. Euuu...."
"Tong sok ngangles, geus puguh maneh teh ngalanggar aturan. Rek Kumaha atuh ayeuna? Ditilang we nya ?!"
"Ke atuh, Pa. Bade ngontek heula Bapa Kapolresta"
"Baruk?! Na atuh ari Yayi, sanes nyarios atuh ti tatadi. Hapunten, nya. Manawi teh teu kenal sareng Bapa. Mangga we lajengkeun deui...."
".....(katipu)....."
Fikmin#RÉK NULISL#Irvan Mulyadie
Rek nulis teh ayeuna mah nu
pararondok wé, da ceuk Ki Perbu, nulis panjang ogé cumah ari goréng mah"
Si Kedul ngomong dina haténa. Der wé manéhna téh ngadeker nulis. Naon waé nu
ngaliwat dina uteukna ditulis. Aya ucing garong keur silih ségag jeung
dununganna, ditulis. Najarudin jeung Nunun, ditulis. Aya panyajak ngagantung manéh
pédah puisina teu dimuat waé dina koran, ditulis. Aya nu kacanduan waé mésbuk,
ditulis. Kaasup tulisan ieu gé meunang nulis manéhna. Heuheu....
Fikmin#PESTOL#Irvan Mulyadie
“Dor....!!!”
Gelas luhureun meja teh peupeus.
“Dor....!!!”
Botol arak ge bencar. Belingna ngampar ngabarak, matak paur lamun katincak.
“Dor....!!!”
Getih jeung utek mancawura tina sirahna.
“Dor....!!!”
Pestol ancur, nyusul nasib dununganna. Nembak sorangan.
Fikmin#PAREUM LISTRIK#Irvan Mulyadie
“Naha euy, sukro teh bet asa pait kieu? Rada leuleus
deuih. Boa pedah uingna keur flu kitu?”
“Tutung teuing ngagorengna, meureun”
“Enya, nyah ?”
“Eta sugan...”
“................”
Di luar, sora domba meni raeng mapaesan gelik takbir
dina peuting Idul Adha.
Fikmin#KACAMATA#Irvan Mulyadie
Neneng teh
geulis-geulisna mah, ngan kur hiji hanjakalna : jiga kuda !.
Fikmin#SALON#Irvan Mulyadie
Di
salon nu kawentar panghadena di Tundagan, manehna ceurik ngageungeuik. Nu
nyukuran bingung kacida, rampang-reumpeung, beungeutna nyacas bakating reuwas
nyanghareupan langgananna nu ujug-ujug ngarebut gunting dina leungeunna.
“Kenapa,
bebz.... kependekan, nya ?” Ceuk si bencong ngawani-wani karep.
“Ceuk
aing ge teu kudu dimudal-model sagala. Rusuh deuleu...” Nu ceurik nyegag.
“Kan
ngarah bagus, kagok sedikit lagi, ngarah keritingnya sempurna”
“Da
aing mah teu menta dikeriting, botakan...!!!!“
Fikmin#WARTAWAN#Irvan Mulyadie
Sabada beritana
ngajeblag di unggal mediamasa, manehna numpi dikamar. Teu beurang atawa
peuting. Dina sirahna kadenge aya nu seuri, aya nu ceurik, aya nu ambek-ambekan,
aya nu ngupahan, aya oge nu teu hayang apal. Manehna nyocokan ceuli, angger
kadenge. Manehna meungpeunan panon, angger katempo kajadianna. Bakating teu
kuat, manehna ngagantung maneh. Ku tali kutang nu salila ieu jadi koleksi,
paranti nyirian tapak lacak kadigjayaanna enggoning meruhkeun saban wanoja.
gan gak bisa di copas
BalasHapus