Sajak Sunda

Sajam Saacan Yogya
: Ela Dahlia

Sajam deui nepi ka Yogya, bet kakeueung
Dumadak midang na saban gerbong

Kuring inget ka anjeun
Basa masinis nanyakeun karcis
Basa aya tukang jajaluk namprakeun leungeun
Jeung nu ngamen teu eureun-eureun
Ngawihkeun tresno karo koe

Sajam deui nepi ka Yogya
Nu kasawang mangrupa ringkang pinareup anjeun
Kawas iklan dina Koran, atawa demonstrasi
Mahasiswa nu pageduk jeung pulisi
Basa harga nyemprung ngapung ka alak paul
Ka lebah langit nu nangtawing
Kusabab sieun BBM naek peuting ayeuna

Teu karasa, keclak cimata
Ngaminyak damar na congo ati
Ngahurungkeun saban harepan
Tina obor ruruhit wanci

Peuting ieu urang geus sapuk
Rek ngedalkeun rusiah cinta
Najan ranjang kari bantalna
Najan pake kari simpayna
Sok sanajan sajak ringrang
Henteu weleh mere wirahma
Impian jaga:
Nyiar bakti nya ka gusti
Nyieun bukti jang ka diri

Sajam deui, saacan Yogya nawarkeun pasar
Beringharjo atawa jalan Malioboro
Geus kaangseu parfum anjeun
Geus karasa keueut galentor ciuman anjeun
Mapag kuring di statsion Lempuyangan
Bari imut ngais kakangen
Barudak urang

24 Mei 2008

Komentar