NGAGUAR SIMAR

Ku : Irvan Mulyadie

Réa pisan rupaning jirim kaulinan barudak jaman baheula. Mimiti kaulinan anu nungtut pamaénna lébér ku wawanén tug nepi kana kaulinan anu bisa ngalatih kasabaran. Salah sahijina nyaéta Simar. Simar téh singetan tina disintreuk samar-samar (lalaunan).

Keur barudak anu hirup dina mangsa dua puluh taun katukang jeung saméméhna, kaulinan Simar mah mo bireuk deui. Nyaéta kaulinan anu maké alat dasarna tina sisikian nu geus ditangtukeun. Siki nu dimaksud biasana mah Siki Nangka Walanda, Siki Asem, Siki Kukuyaan, Siki Sawo, Siki Saga, SikiHujan, Siki Tanjung jeung Siki Dawolo. Paling henteu, sisikian nu disebut tadi téh nu biasa dipaké di lembur pituin kuring, di Paséh Panututan Kelurahan Tuguraja Kecamatan Cihideung Kota Tasikmalaya. Teuing di wewengkon nu lian mah.
Nu ngajadikeun unik kaulinan Simar saupama diguar deui ayeuna, lantaran euyeub pisan ku mangfaat nu bisa dialap. Sok sanajan aya waééfék goréng na mah mangrupa deukeut-deukeut kana judi. Ngan mun dibundang-banding nilik tina eusining kandungan pangajaranna asa leuwih loba kahadéanna.

Hikmah Simar
Coba geura urang lenyepan deui, dina Simar aya rupa-rupa pangajaran pikeun kahirupan nu sacara teu langsung diserepkeun ka barudak. Upamana pangajaran matématika (aljabar), élmu biologi, élmu fisika, élmu ekonomi, élmu sosial, pulitik, pangajaran étika jeung moral ogé leuwih jauhna deui kana sual bag-bagan kaagamaan dina hal kasabaran jeung kasadaran diri.
Dina Simar, daék teu daék barudak téh kudu miboga kaélmuan matématika dasar kawas tatambahan, kakalian jeung babagian. Sabab dina alat kaulinan nu magrupa sisikian téa téh boga nilai instrinsik séwang-séwangan. ’Harga per-sikina’ di lembur kuring mah geus sapuk, yén Siki Nangka Walanda, Siki Asem jeung Siki Kukuyaan dihargakeun Rp.5,- Siki Sawo Rp.10,- Siki Saga Rp.25,- SikiHujan Rp.50,- Siki Tanjung Rp.100,- jeung nu pangpunjulna mah Siki Dawolo nu dihargakeun Rp.500,-. Hal ieu bakal ngingetkeun deui ka urang kana duit recehan nu pernah dipaké transaksi jual beuli jaman harita. Émut kénéh? Jeung tina ngahargakeun sisikian tadi jigana mah nimbang tina faktor kalangkaan jinis sikina atawa faktor gampang-héséna meunangkeunna. Nu payu dipaké Simar gé sikina kudu mulus kénéh. Da nu rengat mah najan saeutik gé teu payu, tara dipaké.
Simar oge ngalatih barudak pikeun nginteraksikeun diri kana kahirupan sosial nu leuwih jembar. Da dina kaulinan ieu mah paling saeutik gé kudu duaan, dina lobana carang leuwih ti opat urang. Sorangan gé bisa ngan teu ramé. Hal ieu ngabanding tibalik jeung kaulinan jaman kiwari nu dasarna tina téknologi digital kayaning Point Blank, Ninja Saga atawa Poker. Najan leuwih mandiri ngan sok nyababkeun barudak kurang gaul tina kahirupan sosial nyata. Éfékna tangtu wé bakal mangaruhan psikologis jeung kalancaran komunikasina.
Upama nilik tina sisi séjénna, terus ngabundang-bandingkeun deui jeung nilai instrinsik antara harga sisikian jeung jinis/variétas tatangkalanna, bisa dicirikeun yén kolot baheula mah ngajar ka barudakna téh ku cara-cara pinuh ku simbul. Siki Nangka Walanda, Siki Asem, Siki Kukuyaan jeung Siki Sawo mawa muatan yén barang nu babari kapanggih atawa loba mah hargana pasti murah. Béda pisan jeung Siki Saga, SikiHujan, Siki Tanjung komo deui Siki Dawolo nu beuki dieu téh hésé manggihanna. Pan kitu pisan hukum adat (ekonomi-penjualan) nu aya kénéh dina kahirupan nyata kiwari. Sanés kitu?
Sok sanajan kadéngéna jiga nu lebay, Simar ogé nungtut ka saban jiwa pamaénna pikeun miboga sikep satria/ sportif, jujur, boga tetekon jeung ngajungjung moralitas. Teu kudu licik sumawonna ditungtungan ku paraséa mah. Da nu diparebutkeun ogé barang nu teu pira. Teu kudu meuli. Tinggal daék kukulunuan barangsiar jeung barangpulungna. Béda sumangetna jeung jalma-jalma nu hayang boga kalungguhan dina jabatan. Sok pada ngahalalkeun sagala rupa cara. Keun baé batur rék rugi, nu penting maksud jeung kahayangna bisa tinekanan. Pangpangna mah dina urusan pulitik praktis. Naudzubillaahimindalik.
Kasabaran jeung kasadaran ogé lain perkara nu mahal palebah dieu mah. Sabar nungguan giliran/ antri mun batur keur bagéan maén. Da lain rék dibagi sembako atawa raskin ieuh. Sarta sadar ku kaayaan nu kawengku ku aturan-aturan sok sanajan taya nu nepikeun ka meunang hukuman dibérok alatan maén licik nalika Simar. Cukup dihukuman sosial ku dijauhan atawa tara diajak maén deui ku babaturanna. Mungguh nu kieu téh pangajaran hirup basajan nu teu bisa dianggap lalawora najan datangna tina hal anu teu sapira.

Aturan Maén Simar
Biasana nu resep maén Simar mah barudak awéwé, ngan sok rajeun budak lalaki gé miluan. Saméméh der maén sok aya heula gempungan leutik nu baris nangtukeun (negosiasi) aturan nu bakal diterapkeun. Upamana, sabaraha jumlah siki nu rék diparebutkeun dina saputeran maén, sabaraha nominal pamaén kudu masang, jeung hal-hal naon waé anu meunang jeung nu teu meunang dilakukeun sajero maén Simar harita.
Lamun kabeh geus panuju, salah saurang nyieun liang leutik/ logak (mun maenna dina taneuh) kira-kira sajero panglobana siki nu bisa ditampung dina maén saputernan. Atawa nyieun kalang nu mangrupa garis buleud atawa pasagi (mun maenna di jero imah atawa dina tembok). Ngan mun labrakan atawa téras imahna geus dipasangan téhel mah cukup nuturkeun garis nu aya waé. Saterusna unggal pamaénna téh kudu ngumpulkeun atawa masang sisikian dina logakk atawa kalang tadi. Keur néangan saha nu leuwih tiheula maén, bisa kucara hompimpah atawa suten.
Prak-prakan Simar téh nyaéta sakabéh siki pamasangan téh diranggeum ku salah sahiji dampal leungeun pamaén nu meunang giliran munggaran. Terus diawurkeun deukeut liang/ kalang. Mun aya salah sahiji siki nu asup teu kahaja asup kana éta liang/ kalang, siki nu tadi disimpen dina gawir liang/ kalang peuntaseun pamaén, deukeut musuh. Tah lamun leuwih ti hiji mah nu asupna éta salut. Hartina kaulinan Simar téh kudu dibikeun ka budak lian nu meunang giliran saterusna.
Sabada siki ngabarak, salah saurang musuh kudu nunjuk salah sahiji siki (master) pikeun diasupkeun kana liang/ kalang ku cara ditoél maké salah sahiji dampal jempol leungeun, disimar. Siki nu ditunjukeun ku musuh téh biasana mah nu pangjauhna atawa nu panghéséna diasupkeun, kahalangan. Jempol pamaén teu meunang antel kana siki lianna iwal dina siki nu geus ditunjuk tadi.
Dina ngasupkeun sikina ogé kudu hiji-hiji. Dipapay ti anu pangdeukeutna kana liang atawa pangbabarina. Éta ogé mun siki masterna atawa siki nu kadupak ku siki master téh salah sahijina aya nu asup. Mun leuwih ti hiji nu asupna atawa taya nu asup sama sakali, nya salut. Jeung deuih, unggal ngasupkeun sisikian téh kudu mapay ti anu pangleutikna harga kanu panggedena.
Tah, mun dina tungtung kaulinan nyésa sasiki (1) deui, mangka pamaén nu lain kudu méré/ mayar sasiki séwang (iwal nu kabagéan giliran maén). Siki tadi dijajarkeun sing rapet jeung silih halangan kana palebah liang/ kalang. Terus maén deui sakumaha mistina. Ngan lamun keukeuh aya nyésa hiji kénéh waé, aya dua cara nu bisa dipaké jang mungkas puteran maén. Nyaéta ku diridokeun ka nu pangpandeurina maén, atawa ku cara siki tadi téh langsung disimar diasupkeun kana liang/ kalang, dikaluarkeun deui ku cara disimar ka peuntasen pamaén, pungkasna diasupkeun deui kana liang/ kalang. Mémang kawilang hésé mun geus kitu téh. Puteran kadua jeung saterusna dimimitian deui ku anu pangpandeurina maén dina unggal puteran. Jeung mun geus mangsana balubar atawa enggeusan, saméméhna téh sok ditungtungan heula ku ngitung jumlah pangala atawa beubeunanganna séwang-séwangan. Cag !

TULISAN IEU Munggaran dimuat dina Harian Radar Tasikmalaya, Ahad - 3 Oktober 2010

Komentar

  1. haturnuhun pisan postingannana,
    asa hoyong balik deui kabudak, tapi da moal mungkin paling-paling oge urang kenalkeun we ka pun anak di rorompok...

    BalasHapus
  2. Sami-sami, pangersa. Hatur nuhun oge tos rurumpaheun ka blog sim kuring nu walurat ieu. Da saleresna mah ajen inajen budaya urang teh seueur pisan pulunganeunna. Cocog pisan kanggo murangkalih mah...

    BalasHapus

Posting Komentar