Mun Kuring Jadi Bupati

E'séy Monolog : Irvan Mulyadie


Haturan, ka sakumna calon Bupati Tasikmalaya 2011-rengsé


Sakeudeung deui, Pilkada téh baris lumangsung di unggal tempat. Hajat rongkah nu mo henteu bakal méakeun teu saeutik duit nagara (rahayat). Maksudna mah taya lian, rék ngajenengkeun hiji pamingpin nu bakal dilantik jadi Bupati. Kampanyeu ti saban-saban nu ngajukeun diri jadi calon Bupati jeung wakilna ti anggalna kénéh ge geus mimiti haneut. Satuluyna, bakal beuki harénghéng jeung sahéng baé. Pangpangna mah da diluluguan ku partéy-partéy pulitik anu jadi tutumpakanna jeung Tim Sukses ti calon independen.

Geus kasawang deui wé, bakal pikumahaeun tingkah laku nu keur maceuh karampanyeu. Kawas kampanye calon legislatif jeung Pilprés kamari deui waé. Tingcorowok mudalkeun eusi visi jeung misi ti kandidatna séwang-séwangna sok sanajan teu pati dipikawanoh ogé. Bari kituna téh sok dibarung ku ngobral sumpah nu amis kacida kadéngéna. Teuing paduli jeung henteuna ari geus meunang mah kana jangji téh.

Sisi-sisi jalan protokol ngadadak ramé ku paméran spanduk atawa baligo. Pabadag-badag nembongkeun potrét si calon téa. Geus teu kudu dicaturkeun sual stiker jeung pamflet mah. Nu geus pasti bakal minuhan saban-saban patempatan. Rék di gang-gang atawa di tembok imah jeung émpér toko. Malahan mah teu saeutik geuning nu masang na téh (ngarumpak aturan KPU) di tempat-tempat nu kawilang teu payus pisan ditémpelan slogan kampanyeu. Kayaning di masigit jeung dina fasilitas nagara. Sok sanajan cara na téh kawilang lemes ku kalénder atawa ku jadwal solat.

Tatangga jeung tatangga jadi guntreng marebutkeun saha jagona bari can puguh can karuh jadina ogé. Kekentong masarakat paburincay ku pilihan séwang-séwangna. Teu nolih ka temah wadi. Sarta sok terus ilu biung sili beubeutken ku panghina jeung pamujian. Tungtungna mah taya lian, paséa rebutan paisan kosong. Dina mangsa usum kampanye, tangtuna nu daragang salian ti tukang kaos jeung tukang sablon mah jigana teh bakal tiiseun. Da di jalan loba macétna. Karugian beuki loba upama nilik kana akibat kampanyeu ieu.

Komo deui dina widang pamaréntahan, sok kaganggu pagawéan téh. Ilaharna upama usum kampanyeu mah, jigana loba oknum-oknum pajabat PNS nu teu pageuh tangtungan ku beurat sabeulah ngabelaan sugan jeung sugan meunang berkah naék pangkat ku ngadukung sala sahiji calon. Ari dudukung téa sok kudu dibuktikeun. Cara nu paling katara nyaéta ku barangkirim jang kampanye atawa sabangsana. Nya ari jalanna mah timana waé. Ngan sok sieun téh meunang hasil tina korupsi. Bisa ogé ku jalan ngerahkeun massa PNS deui pikeun biluk ka pidununganeun bari saeutik dibungbuan ku pangbibita jeung ancaman.


Mun Kuring Nyalon Bupati

Sabenerna, kuring mah teu hayang-hayangan ieuh boga kalungguhan téh. Beurat nyuhun beurat nanggung. Tanggungjawabna dunya ahérat. Tongboroning pangkat Bupati, dalah pangkat RT ogé asana téh beurat pisan. Wegah nampa amanah téh. Paingan atuh baheula, saurna Rosululloh kantos ngadawuh dina hadisna, nyaéta basa ngadongéngkeun ka sahabat-sahabatna mangsa langit jeung bumi paraséa sili agulkeun kahébatan séwang-séwangna. Malah ahirna mah bumi téh kalahka ceurik, da dina tonggongna loba pisan dosa perdosa nu dijarieun ku bangsana jin jeung manusa. Untung waé Nabi ahir zaman lahir ka dunya. Saeutik gedéna bisa méré kabungahan ka manéhna.

Ngan jigana, saupama kuring ‘katulis jurig’ jadi Calon Bupati bakal béda kaayaanna. Asana ti saprak boga karep nyalon ogé kuring mah bakal milih-milih heula partéy jang koalisi téh. Mana waé anu mémang boga visi sarta misi nu sarua pikeun kamajuan rahayat ogé nagara. Euwueh? Sahenteuna da aya kénéh atuh meureunan (mun bener téh euweuh partéy nu reugeujeug mah) anu goréng batan milih nu leuwih goréng. Atawa rék nyalonkeun diri ti jalur independen. Ngarah teu loba teuing carita.

Ti dinya, konsolidasi diperlukeun pisan. Kuring teu hayang boga musuh jeroeun simbut. Komo deui dina tim suksés. Sakabéh cabang atawa anak cabang katut ka ranting-rantingna kudu mafhum heula maksud jeung tujuan kuring nu maju nyalon. Kitu deui ka rélawan. Idéalna, urang gawé babarengan jeung hasilna téh bagikeuneun deui ka rahayat ku program-program nyata. Bisa karasa jeung maneuh mayeng mangfaatna. Jeung kuring mah moal rea jangji ka sasaha ge ari anu pimohaleun kahontalna. Mo lahuta !

Tegesna, kuring teu hayang boga tim sukses anu kokoro manggih mulud. Dana jang kampanye kalah dipaké makaya diri jeung poya-poya wungkul. Komo deui upama dipaké pangbibita jang rahayat nu rék marilih. Money politics téa meureunan nu kitu téh. Hésé? Pédah rahayat ayeuna geus pada ngarti kana pulitik, moal bisa kabobodo, aya duit aya nu milih? Henteu pikeun kuring mah. Bakal aya jalan deui mun urang daék narékahanna mah. Da ceuk paribasa gé, mun keyeng geus tangtu bakal pareng lin?

Dana kampanyeu nu sakitu lobana bakal di paké sapuratina waé. Teu kudu pupujieun teuing. Kuring mah kampanyeuna oge rék diéféktipkeun, éfisién jeung karasa mangfaatna ti ayeuna kénéh. Contona ku ngawangun séntra dagang tempat khusus jang masarakat leutik (kaki lima) bisa masarkeun hasil olahanna, ngawangun wc umum jeung sarana air bersihna, méré kursus-kursus teknik baranggawé keur mekelan barudak ngora dina enggoning nyanghareupan hirupna, gawé bareng jeung pausahaan-pausahaan keur muka bursa lowongan kerja, melak tatangkalan nu ngahasilkeun sarta bisa dialap mangfaatna boh buahna boh jang penghijauan.

Bari nu disebutkeun di luhur tadi téh dibikeun bari teu matak nimbulkeun kabeubeurat nanaon ogé ka masarakat. Kabéh gé gratis 100%. Teu kudu mayar sagala rupa asal tartib jeung daék diperenahkeunna. Da ari soal barangpilih mah kumaha pamadegan séwang-séwangna baé. Moal mamaksa ku diségelan sagala jang mulang jasa. Jeung lamun téa téh sué dina teu kapilih jadi Bupati oge asana teu lebar ieuh. Da geus puguh neundeun jasa pikeun kamaslahatan balaréa. Sugan wé jadi catetan ibadah.

Tah, pon kitu deui lamun kuring resmi kapilih jeung kapercaya nyekel kalungguhan maké pangkat Bupati. Program saratus poé bada bisluit kacepeng leungeun téh kuring mah bakal tobat heula ka gusti nu maha suci, ku lobana ngawur jangji ka sasama sarta ngobral-ngobral impian basa eukeur usum kampanyeu. Keur kitu ieuh sok jiga nu hareueuh waé. Lamun perlu rék ngayakeun istigosahan kalayan maké téma: Tobat Politik!.

Geus kitu mah kuring rék mémérés heula Struktur Kepemerintahan. Reformasi birokrasi ceuk gayana mah. Jalma-jalma nu teu luyu antara jabatan jeung potensina kudu diganti. Pamingpin nu ditempatkeun di instansi-instansi kudu jalma anu ngarti ogé taat kana agama. Pamingpin lain saukur ngadiukan korsi jabatan` wungkul, tapi kudu bener-bener nyaho kana prak-prakan tugas pagawéanna, boga pangalaman, jeung kauji saméméhna. Moal waka babales jasa ku méré kalungguhan ka tim sukses mah. Iwal ti lamun aya nu bener-bener geus masagi kaélmuan jeung pas dina widangna. Moal loba nu ngaririwa ti ruruntuk tim suksés mah. Sabab kuring geus paheut jangji ti anggalna dina kontrak politik téa.

Tupoksi (Tugas Pokok dan Fungsi) di instansi-instansi pamaréntahan nu kurang jalan, rék di hangkeutkeun deui sarta manajemenna disérvice total ngarah lancar. Program-program nu tacan rengsé warisan ti Bupati nu tiheula ari masih gedé kénéh mangfaatna mah rék dituluykeun. Bari dibarung ku ngontrol gawéna téh sing telik taliti ngarah teu ngarugikeun saréréa. Solidaritas jeung kakulawargaan ti saban pagawé diberesan sangkan genah jeung tumaninah baranggawéna. Salasahijina ku ngalobaan silaturahmi antara atasan jeung bawahanna. Rék ku olahraga, ku pangaosan, ku kasenian atawa ku rapat-rapat jeung dina meeting nu éféktip. Ngan moal wé ari ku nguseup mah. Teu bisa.

Sabab, saupama pagawé pamaréntahna jagjag belejag wujud nilik jasmani jeung rohanina tangtu hasilna bakal karasa ku masarakat. Nyaéta maranéhna soson-soson ngawula ka rahayat. Moal korupsi kamalinaan teuing ari terus dibina jeung diwurukan mah, meureun. Pangpangna kuring mah hayang pasifatan pagawé nu araya di lingkungan pamaréntah nu ku kuring dipingpin mah tong aradigung gedé hulu duméh diri boga pangkat kalungguhan. Komo mun wani-wani ngakalan rahayat mah. Beurat pisan hukumanna.

Dina ngajalankeun tugas pamarentahan, kuring teu hayang ieuh populér ku gebragan-gebragan anyar nu pibakaleunna matak nyangsarakeun pamaréntah jeung rahayatna. Dina mingpin rék biasa waé kawas nu geus ditegeskeun ku undang-undang jeung aturan-aturan lianna ngarah teu beurat nyuhun jeung teu beurat nanggung dina engké nanggungjawabkeun ka rahayat, nagara jeung bangsa. Moal rék nambah-nambah pon kitu deui ngurangan mah. Ngan lain harti teu kreatif. Da saupama loba sela torobosan éta keur kamaslahatan saréréa, kuring sadia ngalakukeun naon waé asal teu ngarumpak kana dadasar agama jeung darigama.


Lima taun nyepeng kalungguhan Bupati lain waktu anu sakeudeung. Sok sanajan upama diukur ku hasilna mah, lima taun téh teu kawilang lila ogé. Da can puguh pangwangunan katémbong atawa rada jiga dina mangsa nu singket eté. Tangtuna ge loba kénéh masalah sosial benerkeuneun. Sual sakola jeung penyerapan tenaga kerja bakal diperhatikeun. Sabab nya ti dinya pisan asalna pasualan di nagara urang. Sumber Daya Manusa nu hadé tangtu butuh pangajaran ti sakola anu henteu kapenet ku sabangsaning biaya mahal sagala rupa. Pon kitu jeung lowongan gawé nu geus sakuduna bisa méré jalan kaluar tina pangangguran pikeun majuna perekonomian daerah. Satuluyna nu dipiharep ku ayana sakola murah jeung kasalurkeunna tenaga kerja bakal bisa méré sokongan jeung kakuatan nu leuwih dina ngawangun ekonomi nagara.

Palebah dina pangwangunan fisik jeung ekonomina, kuring mah rék join waé jeung pihak swasta. Tapi teu kudu jeung ngajual asét nagara. Lian PAD (pendapatan asli daerah) bisa ningkat téh urusan kapamréntahan teu loba teuing. Teu ngarawu ku siku dina sagala pasualan nu can tangtu boga élmu jeung kakuatan keur nyanghareupanna. Bisi jigah monyét ngagugulung kalapa. Ngayun waé pamarentah mah. Asal kontrolna wé sing hadé jeung mihak ka rahayat leutik. Hukum sarta aturan dijalankeun kalawan teges, teu pilih kasih. Da keur naon atuh nagara téh boga balatentara jeung pulisi nu samakta ku pakarang perang ari éléh atawa sieun keneh ku préman atawa koruptor bolongkotan?. Pokona, sing saha waé nu boga salah jeung masalah kudu daék nanggungjawabna. Kompromi dina sual kamaslahatan rahayat mah béda deui. Taya ampun.

Atuh dina widang pulitikna, kuring mah bakal ngarangkul ka saha waé nu boga niat hadé rék ngamajukeun nagara mah. Moal rék gimir ku oposisi, da tangtuna gé démokrasi téh kudu aya panyaimbangna. Rék ti parpol, LSM (lembaga swadaya masyarakat) atawa ti wartawan bakal disanghareupan kalayan wijaksana. Lain dipikasieun kawas ku nu enggeus-enggeus. Malah rék dipiara sangkan jadi sparing partner pamaréntah. Itung-itung nambah pangalaman sarta élmu pangaweruh ari narima kritikan ku jalan sadar mah. Ceuk paribasa urang téa mah geuning, sanajan kaluar tina bujur hayam ari endog mah da ngeunah. Asal rahayat tenang jeung aman dina hirupna, jang kuring mah ngarasa puas. Komo pihak seniman mah. Rek dipupujuhkeun sangkan leuwih motekar. Da majuna nagara teh ku budaya, salah sahijina nya ku kasenian.

Kitu ogé jeung pulitik luar negeri, rék mantuan pamaréntah pusat sakuat tanaga. Kuring mah hayang nyimpen Indonesia téh dina hiji posisi stratégis ngarah diaku ku balaréa internasional yén nagara urang téh kuat. Rék ku konsep lobi pulitik atawa ku gawé bareng nu nguntungkeun sararéa. Lamun téa mah kudu perang pikeun mertahankeun lemah cai, mo kudu gimir ku nagara mana waé gé. Eta cenah pédah éleh pakarang? Gampang, kumpulkeun wé dukun sa-Indonesia. Sina diteluh tah pihak jusuh téh !

Da mun geus hirup tingntrim jeung bener ngajalankeun sistim dina widang séjénna, kabudayaan urang ge bakal kapalihara. Kasenian asli ti bangsa pribumi moal énya rék diaku ku nagara batur mah, da puguh geus ngadarah daging di masarakat urangna. Seniman tenang jeung rineh ngabeungharan diri jeung nagarana ku karya-karya nu pinuji, punjul tur matak reueus. Senang lahir batin téh lain babasan wungkul. Jeung na deuih NKRI téh lain saukur slogan nu kari catur tanpa bukur. Tapi diusahakeun sing ngajirim bungkeuleukan dina unggal keteg haté jeung kahirupan sakur urang Indonesia. Lah, moal teu éndah dunya barana téh geura. Ner, teu?

Hanjakalna, kuring mah lain Bupati. Ngan sok sanajan kitu kuring mah miharep pisan, sugan jeung sugan waé aya calon Bupati asli nu pangangguran maca tulisan kuring ieu. Teuing kumaha tah rengkakna....?!

***

Munggaran dimuat dina Harian Radar Tasikmalaya, 7 November 2010.


Komentar