SAJARAH NU DISARUMPUTKEUN

RESENSI BUKU
Nu Ngaresensi : Irvan Mulyadie
Judul : ASEP SAMBODJA MENULIS
Tentang Sastra Indonesia dan Pengarang-Pengarang Lekra
Anu nulis : Asep Sambodja
Pamedal : Ultimus
Taun Medal : 2011
Jumlah Kaca : xiv + 378

Mun seug niténan deui jujutan sajarah nu geus kaliwat, tangtu, pikeun jalma-jalma nu teu ngalaman mah ngan saukur bisa ngawawaas dina saban implenganna. Hal éta tangtu geus galib, da mungguhing geus jadi hiji pasipatanna, manusa mah sok hayang apal kana naon waé nu teu pernah kaalaman atawa anu acan dipikanyahona. Kitu ogé dina sual sajarah sastra jeung kabudayaan.
Aya dua madhab (mun bisa ditarima) nu kawilang boga pangaruh ‘politis’ dina jagad kasusastraan jeung kabudayaan di Indonesia. Sahenteuna, mun hal éta ditilik dina mangsa awal-awal sabada dilaungkeunna Proklamasi kamerdikaan Indonesia jeung sabadana. Madhab-madhab nu dimaksud nyaéta anu diluluguan ku organisasi Lembaga Kebudayaan Rakyat (Lékra) nu lahir dina 17 Agustus 1950 jeung madhab nu diwadahan ku lawan politikna nu disebut kaum Manifes Kebudayaan (Manikebu) nu lahir 17 Agustus 1963.
Kekentong sastra ti Lékra salah sahijina nyaéta Pramoedya Ananta Toer jeung Rivai Apin. Ari ti kaum Manikebu mah nu pang nyongcolang dina ngalaungkeunna téh nyaéta Taufik Ismail jeung Goenawan Muhammad.

Tah, nu matak jadi bédana téh nyaéta, lamun Lékra mah nempatkeun diri jadi bagian tina politik, nu dina ‘babasaan karyana’ téh sok togmol taya dinding kelir jeung siloka, sarta fokus kana naon nu keur dicaritakeun. Ari Manikebu mah justru hayang leupas tina sagala kabeubeurat tina naon waé nu matak nyababkeun seni atawa kabudayaan teu éksprésif. Ngan sok sanajan kitu, ahirna mah sadar teu sadar Manikebu ogé dijadikeun alat politik jeung alesan ku orde baru pikeun ngadengkék lawan politikna, babakuna mah sanggeus kajadian baruntakna PKI di taun 1965.
Lian ti ngajelaskeun perkara sajarah kontroversial nu marengan dina tingkah laku tokoh ti dua madhab éta, Asep Sambodja ogé jiga nu hayang nunjukeun ka apresiator yén aya hal nu leuwih penting manan terus sili serang dina kayakinan atawa ideologi séwang-séwang aktor sajarahna, nyaéta ngahargaan kana karyana sorangan. Asep parigel pisan dina nuliskeun naon nu jadi background pamikiranna dina waruga éséy nu hésé pisan kacawadna, utamana mah dina téknik nulisna.
Maca buku Asep Sambodja Menulis_Tentang Sastra Indonesia dan Pengarang-Pengarang Lekra, urang bakal dibawa ka alam nu pinuh ku pangalaman batin. Nu teu ngan ukur dipapaes ku lobana kajadian sajarah, tapi oge pinuh ku pamikiran-pamikiran kritis nu jembar, objektif jeung ilmiah. Loba pulunganeunna. Jeung bakal ngabeungharan ku pangaweruh nu salila ieu (jiga atawa memang enya) disarumputkeun ti jaman ka jaman.
(Dimuat munggaran di Harian Radar Tasikmalaya, 3 April 2011)

Komentar