PACABAKAN

Ku : Irvan Mulyadie

Istilah ‘pacabakan’ dina basa sunda sok dilarapkeun kana usaha, pagawẻan, pakasaban atawa profẻsi. Nyaẻta kagiatan jalma nẻangan pangala atawa rijki pikeun minuhan kabutuhan-kabutuhan hirupna. Pacabakan tẻh asal kecapna tina cabak, nu ngandung harti rampa. Mun makẻ rarangkẻn ‘ny’ di hareupna jadi nyabak, hartina tẻh pagawẻan ku dampal leungeun nu nuduhkeun keur ngarampa hiji hal. Ngan duka kumaha mimitina istilah pacabakan tẻh bet ngaruju kana harti usaha, pagawẻan, pakasaban jeung profẻsi tẻa.


Tulisan ieu moal ngabahas sual tata basa. Tapi hayang ngabaladah perkara nu aya pakuat-pakaitna jeung istilah pacabakan tadi dina kahirupan sosial di masarakat. Kiwari loba pisan jalma nu boga karep hayang boga pacabakan dina hirupna kalayan hasil gedẻ untung bari tina ladang gawẻ ẻntẻng. Mangrupa-rupa cara jeung tarẻkah dicarobaan jang ngahontalna. Jalanna mah kumaha waẻ. Aya nu ku sarẻat fisik aya oge ku jalan goib. Ku sarẻat fisik kayaning wiraswasta, jadi pagawẻ nagara atawa buburuh jeung tani. Nu nyarẻat ku jalan goib biasana ku loba silaturahim jeung pananyaan, kadituna mah bisa ogẻ jadi nyegik, ngipri jeung sajabana.

Ilaharna pikeun jalma nu baroga ijasah mah nyiar pagawẻan tẻh kalayan jalan lumar-lamar ka pausahaan swasta atawa miluan testing jadi pagawẻ nagara. Jang jalma jujur nu boga tẻkad neangan rijki nu halal mah sok normatif waẻ jigana mah. Nẻang gawẻ ku ngandelkeun pangarti jeung pangabisana.

Ngan pikeun jalma nu teu jujur jeung kurang iman mah, nyiar gawẻna tẻh sok ngandelkeun teuing leungeun batur. Ari kangaranan makẻ leungeun batur tangtuna ogẻ aya balitunganna, kudu babales jasa. Antukna, adat nu geus kakurung ku iga kawas korupsi, kolusi jeung nepotisme (KKN) tẻh jadi jalan kaluar. Bisa praktis sok sanajan teu ekonomis. Saleuheung mun teu ngarugikeun sasama. Ngan da ngarana ogẻ KKN tangtu waẻ aya nu bakal dirugikeunna. Mun teu jalma nya nagara. Paling henteu dina sual rasa kaadilan.

Dina perkara ngajalankeun tugas dina pagawẻanna tẻh antara mẻntal pagawẻ nu meunang pagawẻanna ku jalan jujur jeung jalma nu teu jujur mah sok bisa dicirikeun. Nu teu jujur upamana, nu jadi udagan maranẻhna mah tangtu lain saukur hasil gawẻ nu alus-alus teuing. Asal ngalakonan tugas wẻ asana tẻh. Nu penting ceuk maranẻhannana mah nyaẻta kumaha carana pikeun malikeun deui modal nu samẻmẻhna dikaluarkeun basa nyiar gawẻ harita. Lamun diteorikeun mah jigana bakal kieu ungkarana; Lamun meunang gawẻ ladang tina KKN mangka kadituna tẻh pagaweannana ogẻ kurang – leuwih bakal ngahasilkeun KKN deui. Kitu deui sabalikna.

Ngan teu saeutik, gara-gara kapangaruhan ku lingkungan atawa tuntutan pagawẻan, jelema jujur ogẻ kabawakeun jadi teu eucreug. Sagala rupa idẻalisme dogadẻkeun kana kasieun ku dunungan nu kumawasa kana mangrupa aturan jeung kawijakanna. Ngarana ogẻ manusa, aturan jeung kawijakan tẻh bisa dijieun jeung dipiceun sakumaha kaperluanna. Bisa ogẻ sangeunahna.


Runtah jeung Pagawẻan

Conto Karajinan tina tai ragaji

Ceuk pangrasa, nẻangan gawẻ tẻh teu pati hẻsẻ. Da nu hẻsẻ mah justru tẻkad jeung kadaẻk pikeun digawẻna, ngawangun kayakinan dina diri yẻn urang tẻh boga tur mampuh hirup mandiri.

Coba geura urang lenyepan, naon perkarana nu didamel ku Gusti nu teu aya mangfaatna? Jigana euweuh nu teu guna, kabẻh ogẻ aya mangfaatna jang kahirupan. Kari urang boga kahayang, kadaẻk, makẻ akal jeung tarẻkah pikeun ngoptimalkeunna. Sok sanajan warugana mah ngan ukur runtah, upamana.

Dina runtah aya dua rupa, nyaẻta runtah organik jeung runtah anorganik. Runtah organik nyaẻta runtah nu asal muasalna tina tatangkalan kayaning dangdaunan, bubuahan, atawa tina sesa kadaharan, jsjb. Ari nu kaasup kana runtah anorganik mah kayaning plastik, kertas, beusi, jsjb.

Lamun seug dijieun pakasaban, runtah tẻh teu bisa dianggap ẻntẻng. Sanajan katingalina mah hina, kotor jeung jorok, tapi ari ayana dina leungeun nu kreatif mah teu burung bisa ngahasilkeun. Runtah organik bisa dijieun pupuk organik, komo deui runtah anorganik mah bisa didaur ulang deui jadi barang-barang deui. Malah runtah gẻ bisa ngangkat harkat jeung darajat jalma nu ngokolakeunna. Tingali we urang Panjalu, Ciamis. Loba pisan jalma beunghar ku alatan jadi bandar rongsokan, nya runtah tẻa. Komo deui jaman kiwari nu kasebutna keur maceuh-maweuh diumbar dina saban paguneman sual isu global warming tẻa.

Tong jauh-jauh, tai ragaji teh kaasup runtah nu teu pisan dipalire ku sarerẻa. Malahan mah tadina mah dianggap ngan saukur ngotoran pabrik jeung ngondang rinyuh wungkul. Pabrik embung kaheuheurinan ku mangkarung-karung tai ragaji tẻh. Nu sẻjẻn gẻ embung da teu payu mun dijual gẻ. Antukna nya diduruk kitu waẻ. Tapi ari pikeun jalma nu boga akal mah, si tai ragaji nu kasebutna runtah tẻh dianggapna harta karun. Bisa dimangfaatkeun jang media tanam sarupaning susupaan, bisa dijieun bahan jang meresihan keramik, jadi bonẻka horta, jadi bahan karajinan jsjb.

Jadi kasimpulanna, nẻangan pacabakan tẻh gampang kacida. Asal urang teu loba teuing kaẻra, daẻk narẻkahanna, jeung pinter ngokolakeunna. Usaha dina runtah mah teu hina. Nu hina mah jalma-jalma nu jiga runtah. Nyaẻta jalma-jalma nu jiga nu enya hirup beresih dina usaha jeung kalungguhanna bari kanyataanna mah hasil tina mangrupa-rupa pagawẻan nu ngarugikeun batur tẻa. Peun.

Pertamakali dimuat di Halaman Budaya_Radar Tasikmalaya, 5 Juni 2011

Komentar