GALUNGGUNG NU SUWUNG

Ku : Irvan Mulyadie

Poé Ahad kamari (26/02), teuing kunaon, pipikiran kuring téh bet ngait baé ka Gunung Galunggung. Padahal mah basa poé munggaran taun 2012, kuring sakulawarga kadarinya, ngadon botram. Meureun kapangaruhan ogé ku béja-béja nu disalabarkeun tina koran jeung tv nu nyarebutkeun yén Galunggung téh jiga rék bitu. Tangtu wé kuring ogé panasaran, hayang ngabuktikeun ku sorangan kana éta béja nu ceunah mah meunang tina pabéja-béja téa.

Basa wanci manjing Haneut Moyan, kuring gilig rék ka Galunggung. Motor geus sayaga, reugreug da mangkukna karak disérvis. Indit nyorangan, da niatna ogé sakalian hayang niis jeung susuganan wé meunang inspirasi. Teu keueung ieuh deuih, da kadinya téh lain sakali atawa dua kali. Mindeng, geus asa ka tampian.

Ka Galunggung mah asa rék moal aya bosenna. Asa reueus tuda. Komo basa keur zaman rumaja mah, keur jadi anggota Pecinta Alam keneh mah, Galunggung téh jadi tempat nu pang dipikaresepna. Lian ti deukeut téh, da kaéndahanna teu eleh ku gunung-gunung lianna nu aya di Indonesia. Kawentar kamana-mana. Keur mah deuih, di dinya pisan sajarah urang sunda (tatar priangan) neundeun tapak lacakna.

Yu geura cuang sawang deui mangsa katukang, cenah mah ceuk ahli sajarah, baheulana Galunggung téh mangrupa puseur karajaan. Hal ieu dumasar ku kapanggihna situs Geger Hanjuang nu ayana di tutugan Gunung Galunggung, perenahna di Désa Linggawangi Kacamatan Leuwisari. Anu ku masarakat sabudeureunna mah disebutna téh Kabuyutan Linggawangi.

Demi ari eusi Prasasti Geger Hanjuang téh ditulis ku basa sunda kuno, nu unina kieu : tra ba i gune apuy na/ sta gomati sakakala rumata/ k disusu(k) ku batari hyang pun. Nu ngandung harti kira-kira : Dina poé ka-13 bulan Badra taun 1033 Saka Rumatak (anggeus) disusuk ku Batari Hyang.

Rumatak nu ceuk urang dinya mah disebut Rumantak téh nyaéta urut puseur karajaan Galunggung, teu jauh dina tempat kapangggihna parasasti. Ari harti disusuk nyaéta dikulibeng ku susukan jang nahan serangan ti pihak lawan. Kusabab kitu Batari Hyang téh bisa dianggap sabagé raja nu kumawasa di Karajaan Galunggung turunan ti Resiguru Sempakwaja, nu ngadegkeun Karajaan Galunggung. Ajaran Batari Hyang nu disebut Sang Sadu Jati téh nyaéta pangajaran ngeunaan ageman raja-raja jeung rahayatna dina enggoning ngambah kahirupan di alam dunya. Nu matak jadi helok, nu nyiptakeun éta pangajaran téh pantar awéwé. Ieu teh nyirikeun yén urang sunda téh ngahargaan pisan kana pamikiran sok sanajan datangna ti pihak awéwé.

Dina jaman katompérnakeun, pamor Galunggung leuwih kakoncara deui ku alatan bitu dina 5 April 1982 nepi 8 Januari 1983. Sok sanajan kawilang rongkah, tapi da euweuh korban jiwa nu langsung dilantarankeun ku bituna gunung. Sababaraha hiji jiwa nu maot gé alatan panyakit jeung carilaka ku tingkah polahna sorangan. Geumpeur meureun. Tah, ku gara-gara ngabeledugna Galunggung ogé loba jalur penerbangan udara internasional nu kaganggu. Lebu vulkanikna arasup kana mesin jét.

Sanggeus eureun tina aktivitasna, Galunggung jadi pangudagan jalma-jalma nu datang ngaradon ulin atawa kémping. Lian ti hayang ningali kawah urut kajadian érupsi ogé aya tempat pamandian Cipanas. Saban taun, nu daratang ka Galunggung ngarébu jalma. Komo deui lamun dina poéna Lebaran atawa taun baruan, geus bisa dipastikeun jalan nu rék ka Galunggung macét total.

Ngan hanjakal, kiwari mah kaéndahan Gunung Galunggung téh teu sajalan deui jeung kaayaan éxisting nu sabenerna. Di ampir sakuliahna, gunung-gunung laleutik pada ngeruk ku buldoser, diratakeun. Sawah-sawah jadi ngalombang teu puguh rupa. Jalan aspal raruksak alatan haben diliwatan ku treuk-treuk nu ngakut keusik nu beuratna ngaleuwihan tonase nu geus ditangtukeun. Bari kituna téh da teu matak sejahtera ieuh ka masarakat sabudeureunna mah. Ngan hiji dua nu meunang untung téh. Kitu ogé lolobana mah keur urang kota. Urang Galunggung aslina mah kur bati kakebulan saban poé, kakotoran balong-balongna jeung susukan kariruh lir bajigur. Atuh lamun kabeneran aya hujan, jigana jalan-jalan téh asa pantes mun dipelakan lauk betok. Kituna mah bakat ku teu bisa ngagambarkeun deui kana karuksakan nu geus aya.

Anjog ka lawang objék wisata Gunung Galunggung téh kira-kira tabuh sapuluh. Ti kajauhan, kuring geus ngarasakeun aya hal nu teu bérés. Sarepi. Nu tunggu karcis ngan duaan. Ti pihak Perhutani jeung wawakil ti Pemda. Saleuwihna mah nu nongkrong téh tukang ojég. Ningali kurunyung aya nu datang téh bangun nu bungah. Gancang nawarkeun karcis jang asup. Ditanya kaayaan ayeuna sabada dibewarakeun yén Galunggung teh aya dina status waspada ku sababaraha media masa, maranéhna téh kur bisa ngarahuh.

Sok sanajan aya rasa hariwang, kuring maksakeun indit ka kawah. Sajajalan karasa keueung jeung geueuman. Babakuna na mah kapangaruhan kénéh ku béja tina média nu ngabewarakeun yén Galunggung saolah-olah rék bitu deui. Nepi ka handapeun tarajé beton nu jolna kana biwir kawah, kuring reureuh heula di warung. Tetelepék. Tukang warung bangun baringung. Tapi ari dieupanan mah, teu burung wakca. Jawabanna sarua jeung tukang ngajaga lawang karcis. Humaregung ku kaayaan, nu biasana mah saban poé ahad téh aya kana ratusanna, tapi geus dua minggu ieu ampir 99% wisatawan téh jiga nu pundung. Komo ka Cipanas mah. Éta ogé mun aya nu ka kawah, bakating ku panasaran jigana mah.

620 tétécéan geus kataékan. Éngsél tuur karasa rék lalocotan. Nepi di biwir kawah, rarasaan téh asa beuki teu pararuguh. Kuring ngaluarkeun kaméra, juprat-jeprét. Simpé. Nu ngawarung kur aya tiluan, kituna téh marerong ka kuring jiga nu keuheul. Kuring asa beuki anéh. Celetuk teh aya nu ngomong : “Heueuh, ari rék maéhan jalma leutik mah teu kudu diportas waé. Diberitakeun gunung rek bitu ogé, urang Galunggung mah pasti malodar....!!!”.


Gebeg, kuring reuwas. Ngarasa kasindiran. Jigana maranéhna nganggap yén kuring téh wartawan. Surti kana kaayaan, kuring ngadatangan manéhna. Bari ngawanohkeun yén kuring mah lain wartawan. Tapi jalma nu panasaran. Ngadéngé kitu, rada daréhdéh. Ceuk maranéhna, alatan diberitakeun waé, geus dua minggu (ka tilu minggu ayeuna) kahirupan kulawargana jadi kawas leungiteun jalan pikeun neangan eusining peujit. Leuwih ti saratus warga nu aya di sabudeureun Galunggung nu ngagantungkeun hirupna ku jalan dagang atawa ngojég didinya.

Kuring ngaheruk. Da ceuk maranéhna mah, status waspada téh lain harti gunung rék bitu, cenah, tapi kudu ati-ati jeung tarapti. Kawas ngajalankeun kandaraan atawa keur leumpang, mun teu waspada bakal cilaka. Kitu ogé ceuk katerang ti ahli Geologi, yén status waspada téh status nu pang énténgna sanggeus aya aktivitas gunung tina normal. Aya deui nu leuwih luhur ti éta, nyaéta status siaga jeung awas. Bari status siaga jeung awas téh aya sababaraha tingkatanna. Sok sanajan memang enya, ari kangaranan bencana mah moal bisa disawang atawa diprédiksi iraha-iraha kajadianna.

Bener, cai talaga kawah galunggung téh geus malih warna nu tadina ngagenclang hérang jadi konéng lir cileuncang. Kuring turun ka dasar kawah mastikeun, rék motoan. Teu inggis ieuh ayeuna mah, da geus meunang katerangan langsung ti ahlina, yén sabenerna mah Galunggung téh masih kénéh aman lamun érék didaratangan.

Di jero kawah nu sakitu legana, nyorangan, bari jauh kaditu-kadieu, kuring bisa ngarasakeun kaayaan haté nu tenang taya hinggana. Mangréwu sajak ngajungkiring di hareupeun. Aya nu mangrupa pulo kahirupan, lahar kanyataan, jeung mangyuta dzikir dina saban tungtung jukut nu rarenung, ngajirim ciibun satuntung umur.***

Dimuat munggaran dina Harian Radar Tasikmalaya, 4 Maret 2012

Komentar